Biografi Albert Einsten Kel 4

 Albert Einsten




Budak lalaki anu lahirna 14 Maret 1879 di Ulm, Karajaan Württemberg, Kakaisaran Jérman. Anjeunna mangrupa budak ti pasangan Pauline jeung Hermann Einstein, anjeunna nyaéta Albert Einstein. Anjeunna katelah ahli fisika téoritis anu ngarobih pamahaman urang ngeunaan jagat raya kalayan téori rélativitasna. Anjeunna disebut bapa Fisika Modern. Hanjakal, Albert Einstein ngantunkeun puluhan taun ka tukang, nyaéta dina 18 April 1955 di Princeton, New Jersey, Amérika Serikat.

Nalika Albert Einstein murangkalih, anjeunna sok dianggap autis sareng katerbelakangan, ieu kusabab kamampuan nyariosna laun pisan. Anjeunna ogé condong pisan cicingeun tur sok nyalira. Dina umur ngora lima taun, minat Albert Einstein dina widang fisika timbul, nalika bapana Hermann Einstein masihan Einstein kompas salaku hadiah. Anjeunna jadi kagum ku kadona, anjeunna hayang nyaho naon misteri nu aya di alam semesta ieu. Ti harita, Albert Einstein resep pisan ngadalami jeung melajari sarta paham kana sagala rupa hal, utamana nu aya kaitan jeung fisika saperti kompas jeung sajabana.

Tina kahirupan Albert Einstein seueur hal anu tiasa dipelajari, khususna prinsip atanapi sifat henteu pernah nyerah kana kagagalan. Sanajan baheula sok disebut anak autis jeung katerbelakangan, ayeuna Albert Einstein dianggap manusa anu paling jenius sarta jujulukna Bapa Fisika Modern nepi ka kiwari.

Kelompok 4

Azizah
Dirga
Iful 
Najla
Regan 
Tasya

Komentar

  1. Biografina atos saé. Kantun dibaca sareng dipeunteun ku réréncangan

    BalasHapus
  2. Di paragraf 3 sakabeh na tos sae, atanapi Aya sababaraha kecap anu lewih ka basa Indonesia supados "dipelajari" Kedah na "di ulik"

    BalasHapus
  3. Dina paragraf 1 tos cekap rapih tapi aya kalepatan kata dipendakkan kurang sae, dimana kecap Bapa (bapa Fisika Modern) anu ngarujuk kana jujulukan batur henteu nganggo huruf kapital.

    BalasHapus
  4. Dina paragraf 2 atos cekap sae tapi dina kalimah "anjeunna hayang nyaho" leuwih sae ngangge kalimah "anjeunna hoyong terang"

    BalasHapus
  5. Unsur-unsur teks Biografi diluhur atos leres sapertos unsur-unsur anu atos ditangtukeun.

    BalasHapus
  6. Abi sareng rerencangan masihan peunten 92

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Biografi Maher Zain Kel 3