Biografi Kartini Kel 6
R.A Kartini
Ngawanohan Sosok R.A Kartini Jeung Perjuanganana
Raden Adjeng Kartini atanapi langkung katelah R.A Kartini nyaeta salah sahiji Pahlawan Nasional Indonesia. Anjeunna dikenal salaku pelopor dina emansipasi awewe pribumi dina waktos eta. Raden Ajeng Kartini nu lahir di Jepara, Jawa Tengah tanggal 21 April 1879, saleresna estu mihoyong tiasa ngagaduhan pendidikan nu langkung luhur, mung mangrupina kabiasaan sareng waktos harita, ngajantenkeun anjeunna henteu diwidian ku sepuhna. Anjeunna mung sakola dugi ka E.L.S. (Europese Lagere School) atanapi satingkat sareng sakola dasar. Tamat E.L.S, Kartini teras dipingit mangrupi kabiasaan atanapi adat-istiadat nu lumrah di tempat babarna dimana hiji wanoja atos rengse namatkan sakola di tingkat sakola dasar, kedah ngajalankeun masa pingitan dugi ka waktosna pikeun rimbitan.
Mayunan eta kanyataan, Kartini rumaja nu loba campur gaul sareng jalmi-jalmi terpelajar tur seneng maos buku khususna buku-buku ngeunaan kamajengan wanoja sapertos karya-karya Multatuli "Max Havelaar" sareng karya tokoh-tokoh pejuang wanoja di Eropa. Ti kawit harita, anjeunna gaduh kahoyong sareng tekad nu kuat kangge ngamajukeun sakola kanggo ngamajukeun wanoja bangsana, Indonesia. Sareng ngalengkah kanggo ngamajukeun kaum wanoja nyaeta kucara ningkatkeun tarap pendidikan para wanoja. Pikeun ngarealisasikeun cita-citana eta, anjeunna ngawitan ku ngadegkeun sakola kangge anak gadis di daerah babarna, Jepara.
Di eta sakola anjeunna ngajarkan palajaran ngaput, nyulam, masak, sareng rupi-rupi. Sadaya katerampilan didugikeun ka murid-muridna kalayan garatis. Malah kanggo ngawujudkeun cita-citana, anjeunna ngalajeungkeun ka Sakola Guru di Nagara Belanda, maksadna supados anjeunna tiasa janten guru nu langkung tinuwih.
Kalayan dukungan ti rerencanganna urang Walanda, Nyi Ajeng Kartini kenging beasiswa kangge ngalajengkeun sakola di nagara Walanda. Tapi, ramana, Raden Adipati Joyodiningrat, Bupati di Rembang, teu ngawidian anjeunna. Malah ramana ngahalangan tekadna ku cara maksa R.A Kartini supados rimbitan.
Sanaos seueur halangan harungan nu ngajegal cita-citana, tapi R.A Kartini teu kateter tekadna. Saatos nikah, anjeunna masih ngadegkeun sakola di Rembang salian sakola di Jepara nu atos didirikeun sateuacan rimbitan. Naon anu dipidammel anjeunna janten conto nu saterasna diturutan ku wanoja- wanoja lainna ku ngadegkeun 'Sakola Kartini di tempat masing-masing sepertos di Semarang, Surabaya, Yogyakarta, Malang, Madiun, sareng Cirebon. Naon nu atos dipilaku R.A Kartini estu seueur pangaruhna kanggo kabangkitan bangsa urang. Mingking bakal langkung ageung sareng langkung seueur nu dipilaku ku anjeunna kangge kamajuan wanoja Indonesia. Anjeunna pupus dina yuswa masih ngora keneh, 25 taun, tanggal 17 September 1904, waktos ngalahirkeun putera cikalna. Pamarentahan Presiden Soekarno, Presiden Mimiti Republik Indonesia ngawedalkeun Keputusan Presiden Republik Indonesia No.108 Tahun 1964, tanggal 2 Mei 1964 nu netepkeun Kartini mangrupi Pahlawan Kemerdekaan Nasional tur netepkeun dinten lahir Kartini, tanggal 21 April, pikeun dipikaemut unggal taun nu saterasna dikenal mangrupi Dinten Kartini.
Anggota Kelompok : (XI-4)
1. Reyfha Adiya Irawan
2. Muhamad Rafly Mardiana Yusup
3. Yuzni Fadhila
4. Dzulfah Zahra Tul Ylmi
5. Fadli Derian
6. Zalvatira Putra Jayusman

Biografina atos saé. Kantun dibaca sareng dipeunteun ku réréncangan
BalasHapusKomentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapusBiografi Kartini buatan kelompok 6 sudah cukup lengkap hanya tidak ada dedegan saja
BalasHapusdi paragraf ke 1 ada kata yang kurang tepat yaitu namatkan seharusnya namatkeun
BalasHapusDari paragaraf ke 4 penulisannya sudah tepat
BalasHapusDi paragraf 5 ada kata "Mimiti "yang seharusnya di tulis menggunkan huruf kecil yaitu "mimiti"
BalasHapusdari paragraf ke 3 penulisan katanya sudah tepat
BalasHapusKomentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapuspenilaian dari kelompok 5 92 karna ada sedikit kata yang typo dan ada satu unsur yang tidak terpenuhi
BalasHapusDari paragraf 2 penulisan katanya sudah tepat
BalasHapus